Haturan wilujeng tepang dina ieu rohangan,
Ieu rohangan teh lain sakadar rohangan nu pinuh ku catur tanpa bukur, tapi mugia ngajadikeun hiji rohangan anu bisa mere mangpaat ka jalma rea, utamana ka sakumna urang sunda.
Mun ras inget ka tatar sunda, matak reueus ku budayana tur basana. Ku alatan reueus eta, lebar temen lamun urang sunda; utamana nonoman sunda, pareumeun obor, teu apal kana budayana katut basana sorangan.
Basa teh ciciren bangsa, leungit basana leungit oge budaya bangsana. Hariwang ulah nepi ka palebah dinya, sim kuring ngeusian ieu rohangan, sugan sasieureun sabeunyeureun jadi panyangreud, pamageuh budaya katut basa sunda.
Kangge pun bojo; Diana Setiawati, pun anak pujaning ati; Azkia Aulia Rahmi, Azmia Aulia Rahmi, tur Aghnia Arini El-Haq, mudah-mudahan ieu rohangan teh jadi bahan pulunganeun dina raraga mikareueus budaya katut basa Sunda.
Ngalangkungan ieu rohangan, sim kuring sakantenan nyeluk para inohong, sesepuh sunda kanggo ngoreksi, ngeuyeuban ieu rohangan. Mangga dihaturanan !
Waliwis dimana mandi, nyayangna di kebon kina. Pamugi Gusti Yang Widi, nangtayungan salamina.
Salam baktos,

___________________________________________________________________________________
|
|