Atikan Basa Sunda

Pupuh

Picture
Pupuh téh nyaéta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna.

Nalika can pati wanoh kana wangun puisi / sastra modérn,  pupuh ilahar  dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun.

Naon ari pupuh teh? Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi) nu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu.

Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan (aturan jumlah baris dalam setiap bait serta jumlah suku kata/vokal dalam setiap barisnya).

Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung (aturan suara vokal pada setiap akhir barisnya). Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas.

Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (mindeng disingget jadi KSAD), sarta sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Lambang, Ladrang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan sakumaha anu dijéntrékeun di handap ieu. *) Kanggo ngadangu soantena sumangga klik pamencét audio anu nyampak dina unggal pupuh!

1. Asmarandana
Ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.

Eling eling mangka eling (8-i)
rumingkang di bumi alam (8–a)
darma wawayangan bae (8–e)
raga taya pangawasa (8–a)
lamun kasasar lampah (7–a) 
nafsu nu matak kaduhung (8–u) 
badan anu katempuhan (8–a)
2. Balakbak
Ngagambarkeun heureuy atawa banyol.

Aya warung sisi jalan rame pisan – Citameng (15-e)
Awewena luas luis geulis pisan – ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet – nyanggereng (19-e).
3. Dangdanggula
Ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan.

Mega beureum surupna geus burit (10-i)
Ngalanglayung panas pipikiran (10-a)
Cikur jangkung jahe koneng (8-e)
Naha teu palay tepung (7-u)
Sim abdi mah ngabeunying leutik (9-i)
Ari ras cimataan (7-a)
Gedong tengah laut (6-u)
Ulah kapalang nya bela (8-a)
Paripaos gunting pameulahan gambir (12-i)
Kacipta salamina (7-a)
hanca
Click to set custom HTML
4. Durma
Ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.

Moal ngejat sanajan ukur satapak (12-a)
Geus dipasti ku jangji (7-i)
Mun tacan laksana (6-a)
Numpes musuh sarakah (7-a)
Heunteu niat seja balik (8-i)
Najan palastra (5-a)
Mati di medan jurit (7-i)

hanca