Tata Basa
Kecap téh nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, LBSS (1983) nétélakeun yén kecap téh nyaéta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu. Kecap-kecap dina basa Sunda bisa dipasing dumasar kana wangun jeung warnana.
Wangun Kecap
Kecap Asal; nu dimaksud ‘asal’ di dieu nyaéta sarua jeung ‘dasar’ atawa masih kénéh beresih tina sagala rupa rarangkén
Kecap rundayan dina Basa Sunda nyaéta kecap asal anu geus dirarangkénan. Ku ayana rarangkén ieu, hiji kecap asal bisa ngajanggélék jadi ratusan kecap. Aturan rarangkén basa Sunda jeung kumaha conto cara ngalarapkeunana, bisa ditoong dina Poesaka Soenda (PS) No.4-6 Oct-Dec 1924 [1]. Tétéla ku cara ngarundaykeun, hiji kecap dasar bisa jadi puluhan kecap. Komo deui upamana digabungkeun jeung ngarajék. Kecap asal bisa dijadikeun kecap rundayan ku cara dirajék atawa dirarangkénan.
Dirarangkénan, nyaéta ditambahan ku rarangkén, conto: kecap asal ‘gawé’ dirarangkénan ‘pa-N-an’ jadi ‘pagawéan’. Dirajék, conto: ‘mobil-mobilan’.
Rarangkén hareup: N-, di-, ka-, pa-, pi-, barang-, silih-, ti- ba- ting- pada- si- sang-
Rarangkén tengah: -ar-, -um-, -in-,
Rarangkén tukang: -an, -eun, -keun, -na,
Rarangkén barung: ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika--eun, sa--eun,