Atikan Basa Sunda

Undak usuk

Cara diajar ngagunakeun tatakrama:

Ngagunakeun tatakrama basa Sunda tangtu bae hasil tina diajar. Carana di antarana nya eta:
1. Sering merhatikeun batur nu basana luyu tur merenah (baik dan benar).
2. Sering maca buku nu beres susunan basana.
3. Aya sikep kritis waktu maca atawa mun ngabandungan batur nu keur cacarita.
4. Biasakeun nyarita ngagunakeun basa nu luyu tur merenah.
5. Keur latihanana kudu dibiasakeun nyarita ulah rusuh teuing, jadi aya kasempetan pikeun milih jeung nyusun kalimah.

Di masarakat mah kamampuh ngagunakeun Basa Sunda, pangpangna ngagunakeun Tatakrama Basa (UUBS) kacida pentingna. Kapan aya paribasa: Hade ku omong goreng ku omong. Basa mah henteu meuli. Basa mah leuwih seukeut tibatan pedang. Aya paribasa Arab: “Kuli lisani bil Insani” anu hartina “Tambah loba basa anu urang bisa, tambah luhur niley kamanusaanana”. Nurutkeun hasil Konferensi Internasional Budaya Sunda I (KIBS I) di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut, ditetepkeun yen Tatakrama Basa Sunda teh (UUBS) ngan aya dua Ragam/Tahap nyaeta:

1. Ragam basa hormat, asal tujuanana nu nyarita teh hayang ngahormat ka nu diajak nyaritana.                                         

Ku kituna henteu salah, atawa bisa   dianggap bener upama aya nu ngomong campur aduk ngagunakeun basa lemes keur batur, basa lemes keur Pribadi jeung basa lemes keur Budak, malah teu nanaon ngagunakeun basa lemes dusun/dialek oge.

2. Ragam basa loma. Ieu mah nya nu saperti ilaharna bae nu disebut basa KASAR. Digunakeunana pikeun nyarita jeung papada nu geus loma. Ngan tangtu bae ari basa garihal/songong mah tetep henteu pantes digunakeun dina cacampuran anu sopan mah. Kitu hasil putusan KIBS I jeung KBS VII teh. Tapi tangtu bakal aya bae masalah nu disanghareupan mah, di antarana nyaeta kumaha bahan ajarkeuneun di sakola-sakola, da kapan ari di sakola mah tetep kudu ajeg dina palanggeran anu normatif. Ngan nu tetela ku kitu ku kieu ari Basa Sunda mah tetep kudu dipiara jeung digunakeun.

Jaman ayeuna undak usuk basa Sunda teh aya 5 panta:
1. Basa cohag atawa basa kasar pisan. dipakena ka sato, atawa ka jalma dina urang keur ambek, saperti: cokor sia, bangus anjing, lebok ku sia..!


2. Basa wajar atawa basa loma. Jaman beh ditu sok disebut Basa Kasar. Dipakena ka babaturan nu geus loma. Di kalanagan rayat (pilemburan ?MS) mah ka indung bapa, ka dulur saluhureun jste oge nu dipake teh basa loma bae. Contona : Kumaha dulur maneh (silaing) teh geus cageur..? Manggih naon Kang, peuting tadi di panglalajoan teh? Rek ka mana Ma? Kuring milu.

3. Basa panengah. Dipakena ka sahandapeun, tapi teu werat make basa loma, lantaran aya ajeneunana. Lantaran kecap-kecap basa panengah teu pati loba, biasana sok dicampur ku basa loma jeung ku basa lemes. Lentongna sedeng bae, teu cara make basa lemes ka saluhureun. Contona : Engke bae mulang teh, mang, ngarah iuh. Pek geura dalahar kadinyah! Bisi rek sambeang di ditu tuh..! Cing nyuhunkeun cai, Bi. Ari ieu cau kenging sarupia..? (di warung).

4. Basa sedeng,nyaeta basa lemes keur awak sorangan jeung keur ka nu satahap jeung urang. Contona : Abdi dongkap teh teu ngabantun naon-naon, gaduh artos oge mung saongkoseun Pun adi udur, teu daekeun neda-neda acan. Dina taya basa sedengna, nu dipake teh basa wajar bae, saperti : Waktos abdi labuh, leungeun abdi misalah. (ulah make kecap geubis jeung panangan)

5. Basa Lemes. Dipakena ka saluhureun, ka nu tacan loma atawa tacan wawuh jeung pikeun nyaritakeun saluhureun. Contona : Waktos Bapa Kapala geubis, pananganana misalah. Wartosna tuang rama bade angkat ka Mekah, bade sareng tuang ibu ?


 6. Basa lemes keur budak, saperti uih, eueut, ibak jste teu pantes dipake ku jalma dewasa ka anu dewasa deui.